Sabtu, 27 Februari 2010

Sora Takbir Ngalanglaeu

Pipiet Senja

Peutingan lebaran di wewengkon pilemburan Depok. Sora takbir geus ngageder ti beurang keneh, ti keur manehna nguprek di dapur ngolahkeun asakan. Kupat saukur welasan jeung angeun nangka minangka kuahna. Daging sapi pamasihan dununganana mah dibistik, da kitu kahayang Anisah.

Pawon kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi karasana mingkin rehe. Sanggeus solat isya, inyana kalah ngangin, sidengdang dina teras. Ret ka palebah kulon, jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka imahna marakbrak caang. Duka ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun imahna. Padahal, nya saha anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Erte Danih sigana mah, boga pokal nyaangan lembur dina peuting leubeut ku ampunan.

“Eeeh, Ema geuning di dieu keneh? Sanes de ngiring ka masjid?” Anisah nyampeurkeun, jen nangtung hareupeun indung.

“Ema mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak sakala asa aya anu ngagerihan hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun inyana kudu ngalaman papisah jeung anu jadi salaki, hirup kadua anakna di pilemburan batur. Kang Iman, mana tega-tega teuing jalma anu mitenah anjeun… Duuuh, Gusti!

“Takbiran di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu. Moal aya anu ngabebereg, barudak tea maraceuh!”

“Iiih, teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka mamana. Ari Nisah niat ka mesjid mah henjig wae. Lin rek milu pawey dulag jeung barudak Rohis?”

“Muhun… Ema kumaha atuh?” Anisah neuteup nu jadi indung. Mojang jekekan, kelas dua SMA keur meumeujeuhna aktip di masjid. Kapeto jadi pupuhu akhwatna. Sumanget jihad fillahna ngagegedur mo bina ti bapana.

Saha anu teu apal ka Iman Wisesa anu kungsi ngageunjleungkeun lemah cai. Mungguh aheng intrik politik di nagara ieu, gerentesna jadi kasuat-suat deui. Kang Iman, pagawean purah nunggu masjid, guru ngaji, tukang minyak seungit ngurilingan kampung. Ujug-ujug dituding sabage teroris, tukang ngabom? Salah saha mun potret teroris teh siga Kang Iman atuh, salah sahaaa? Heg weh Kang Iman ditibanan hukuman beurat… Ya Alloh, ya Rob!

“Haaar… nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan pawey, matak disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat daya nyamunikeun sagala kapeurih.

Peuting ieu mah dipahing juuh cipanon!

Nyeh Anisah ngabelenyeh, imutna teuing ku nyari. Ceg nyekel leungeun indung, celengok dicium kalawan deudeuh. “Moal lami da, ieu mah mung de nyumangetan barudak we… sakedaaap!” cenah samemeh miang, dianteur ku teuteup indung anu mikadeudeuh tan wangenan.

Gusti Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentesna sorangan. Sok sanajan kapala kulawarga dibuang ka Nusakambangan, loba anu mikadeudeuh. Tatangga, babaturan ngajina jeung barudak rumaja masjid, pangpangna ka Anisah loba naker anu mikanyaah. Dipikanyaah ku dunungan, tug nepikeun ka nyanggupan ngabayuan sakola Anisah nepi ka mana wae, cenah.

Teger hate, enyaan, hirup mah kudu ditawekalan. Kudu istiqomah, apan kitu ceuk Kang Iman oge. Mawa pikiran kitu inyana ngaringkang, sup ka imah, rek nungguan anak di jero wae.

“Dungakeun Nisah, Ema. Nisah hoyong janten mujahidah,” ngajelengeng deui cita-cita anakna.

“Naon mujahidah teh, Geulis? Ema mah da… esde oge teu tamat.”

“Pahlawan, Ema… kawas Abah,” cenah mani matak dedengeeun.

Karek rengse solat subuh basa aya anu gegedor panto. Tibuburanjat, dibarengan ku Anisah, inyana mukakeun panto. Sugan jeung sugan aya kaahengan. Kang Iman, jungjunan hate dikaluarkeun ti LP Nusakambangan, dibebaskan tina sagala tuduhan. Ongkoh taya buktina Kang Iman dalangna bom Bali. Ngaco we tamah, Kang Iman dijadikeun tumbal nagara adidaya!

“Euh, patugas ti kapulisian geuning? Aya naon?”

“Iman Wisesa dieksekusi tengah peuting tadi. Bisi rek mapag layonna,” ceuk Erte Danih. Sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceulina.

***

Catatan; ini kupajang khusus untuk para penulis muda Sunda atau mereka yang mencintai bahasa leluhurnya, di mana pun berada.

sumber:taman karya pipiet senja

Tidak ada komentar:

Posting Komentar